Jumat, 29 Maret 2013

Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Kebersihan




      Contoh Pidato Bahasa Sunda Ngeunaan Kabersihan Lingkungan
Asalamu’alaikum wr. wb
Para hadirin anu ku simkuring di pihormat, alhamdulilah danget ieu urang sadayana tiasa pateupung lawung pa amprok jonghok, dina raraga urang mi eling kanu jadi kabersihan Jawa Barat.

Hadirin anu ku simkuring di pihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, sabaaraha kota di Jawa Barat teh tos sering kenging piala adipura ku sabab kabersihanana, endah sareng asri. Ku kituna urang sadayana keudah ngajagi kana eta kapercanteunan pamarentah ka urang sunda umumna. Tapi, aya wae masarakat sunda anu sok miceun sampah timana wae. Sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kususna di kota urang sorangan jeung umumna di Jawa Barat.

Hadirin anu ku simkuring di pihormat, kalintang betah janten urang sunda. Atuh teu aya lepatna lamun ku urang di jaga pasti – pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun kakayaan anu di piboga, ku urang di lestarikeun sangkan Jawa Barat, leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna. Hayu urang babarengan ningkatkeun mempertahan keun Jawa Barat, kota Intan, Jawa Barat kota pangirut.

Rupina mungsakitu nu tiasa di dugikeun, bilih luhur saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan dina cumarios, ka sadayana neda tawakup anu kasuhan.

Wabillahi taufik walhidayah
==========================================================================

Biantara Wawakil Siswa
Dina Acara ‘Paturay Tineung’


Assalamu’alaikum Wr.Wb.
   Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, Alhamdulillah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.   Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.   Sim kuring ngadeg di ieu tempat minagka wawakil ti rerencangan kelas salapan, hoyong cumarios ngedalkeun kereteg angen.   Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola ngahontal cita-cita.   Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten paninengan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu elmu. Ruang-riung boh di kelas boh dina rupa-ripa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadaya bakal janten kenangan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan di aping di didik ku Ibu Bapa Guru pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu manfaat. Dituduhkeun nu sae sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang.   Teu aya anu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, anging
ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu anu parantos dio paparinkeun, kenging ganjaran nu ageung
mang tikel-
tikel ti Gusti Nu Maha Suci.Amin….
   Atuh salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola, kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur rungsing ngajengkelkeun. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana,dina danget ieu sim kuring nyuhunkeun dihapunteun tina samudaya kalepatan sareng kaluluputan. 
Pamungkas sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a ti Bapa kalih Ibu Guru sadayana,
pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halanga-harungan,nyucruk elmu di tingkat nu langkung luhur.    Meser kaos di meteran,   Meser sendal sareng pita.   Abdi mios rek pamitan,   Rek ngahontal cita-cita.    Kamari mawa ragaji,   Ayeuna rek mawa kisa.   Kamari urang ngahiji,   Ayeuna urang papisah.   Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah. 
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalammu’alaikum wr wb.

Menulis Pidato : “Perpisahan Kelas 9”
     
Assalamualaiku wr wb
Yth.Bapak Kepala SMPN 1 PLUMBON Yth.bapak dan ibu guru,staff tu ,dan teman-temanku sekalian. Dengen nama allah yang maha pengasih lagi maha penyayang dan segala puji bagi allah yang memiliki  Alam beserta isinya. Atas rahmat dan hidayah-Nya serta barokah-Nya, maka kita semua bias berkumpul untuk  menghadiri  undangan  dengan hati lapang dan tulus ikhlas serta dalam keadaan sehat walafiat. Shalawat serta salam kita limpahkan kepada junjungan kita nabi Muhammad SAW semoga amal ibadah kita semua di terima allah swt.amin Dengan berat hati bercampur gembira mendengar kita semua lulus 100%, yang harus di utamakan kewajiban kita adalah belajar,patuh kepada guru ,berbakyi kepada orang tua,bekerja,dan berusaha. Kewajiban di pundak kita sangat amat berat namun mulia .kita mulai dari kelas  7 s/d  9 telah melaksanakan kewajiban tersebut dengan penuh tanggung jawab .maka kita berhak mendapatkan ijazah untuk melanjutkan kewajiban kita ke jenjeng berikutnya. Selama kita kelas 7 s/d 9 berteman ,bergurau, bercanda,dengan perasaan amat berat kita berpisah demi kewajiban di tingkat yang lebih tinggi demi nusa dan bangsa. Demikian sepata kata yang bisa saya sampaikan,bila ada salah-salah kata dan kekurangan saya mohon maaf yang sebesar-besarnya. Akhir kata wabilahitaufik walhidaya ..
Wassalamualaikum wr. Wb.

Nama   : Afrian Jaya

Kelas    : IX. B

Tanggal
: 11
-
03
-
2011

Tanggal : 11
-
0

Tidak ada komentar:

Posting Komentar