Assalamualaikum
wr. Wb
Asshaduallailahaillalah
waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu
Tipayun
mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu
mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat
wal’afiat.
Shalawat
miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad
SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu
Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin
sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu
ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan
kelas genep.
Henteu
karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna
urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan
rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu
guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun
ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal
positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal
kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti
abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana
kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik
walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb
Pidato Bahasa Sunda Tentang Pendidikan
Assalamualaikum
Wr.Wb.
Bapak kalih
ibu anu bade ngaregepkeun biantara-biantara simkuring, urang titenan kahirupan
kiwari seueur pisan tontonan ti luar nagara urang, dipikaresep ku barudak
ngora, anu sepuh oge sami “ Jati kasilih ku junti” teu minosea kana seni
budaya, margi di Indonesia ti sabang dugi ka maroke seueur pisan seni budaya.
Di pulo Jawa
bae aya budaya Jawa jeung Sunda.
Ku hal kitu
dina biantara ayeuna bade bantun tema “ Ngala lele kasamawa meunang dua,
ngamumule kandaga Budaya Sunda”.
Naon atuh
ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji kamonesan atanapi
kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak tumaros
naha kadaharan make lebet kana budaya?. Urang ngabantun conto: babantal, comro,
misro, nutuan bubuy bawang, tutuan sareng cikur, beuleum sampeu ditambih parud
kalapa gegetuk ngarana moal aya di Amerika, iwal Obama meureun apaleun, pedah
kungsi di Indonesia.
Dina widang
seni di latar Sunda seueur pisan, aya rengkong, reog, celempungan bajidor,
jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos
upami ngadangu kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Abdi mah resep
rok en roll, dag, dig, dug jreng.., bress…, hebat euy.
Padahal
upami dilenyepan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora suling kabawa angin
peuting, hawar-hawar cianguran matak nyerep kana hate sumanambah kana bayah,
kendang penca mani ngemprang, hut, het anu ngigelna kiwari ampir sirna. Nu
matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI,
ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni budaya , utamina di tatar sunda kango
urang mah. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya Sunda ari urang teu resep,
teu malise, heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya Sunda.
Wargi-wargi
sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal, garehal teu keuna kana undak usukna
basa, sakali deui umajak ka balarea urang mumule seni budaya urang.
Urang Jepang
bisa nyieun pedang, urang reureus bisa nyieun jodang, tong mangmang tong
hariwang kang Darso ge bisa hirup senang.
Wassalamualaikum
Wr.Wb.
Pidato Bahasa Sunda Tentang Lingkungan
Assalamualaikum
wr wb
Langkung
tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan
hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina
kayaan sehat walafiat.
Para wargi
anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu
waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang
sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak
nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu,
urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah
sahiji hadits diterangkeun…
Inna dhofatu
minal iman
Nu hartosna
: “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits
eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat
muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka
Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas
alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu
didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar
urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan
sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan
teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga,
sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu
bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup
sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka
Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi
anu mulya.
Cekap sakitu
abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep
saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum
Wr. Wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar