Jumat, 29 Maret 2013

NASKAH KHUTBAH IDUL FIR




Assalamu’alaikum Wr.Wb.,

Surupna panon poe dina wanci magrib kamari, jadi ciciren rengsena ibadah saum urangsalila sabulan campleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sabulan, lantaran ngalaksanakeunsaum jeung taraweh sarta ibadah±ibadah Ramadan sigana ku urang sadaya geus dilaksanakeun.Ayeuna urang sadaya mulang deui kana kaayaan sakumaha biasa deui, sabab poe ieudiharamkeun saum, poe ieu waktuna urang sadaya suka bungah, bungah lain lantaran lobadahareun atawa make pakean sarwa anyar, tapi bungah lantaran urang sadaya parantos lulus tinaujian nu cukup beurat, bungah lantaran geus tamat ngalaksanakeun parentah Allah nyaeta ibadahsaum Ramadan. Para µaidin« Rengse urang ngalaksanakeun ibadah saum sabulan lilana kalawan pinuh harepan mugia ditampi ku Allah Swt. Sahingga jadi wasilah pikeun ngahontal Ridlo katutmagfiroh mantenna aamiin..Sok sanaos shaum dilaksanakeun ku urang ngan sabulan nu lamina 29 atawa 30 poe, tapi buah sareng mangfa¶atna mugi bisa karaos ku urang sataun, malah salila urang masih hirup dialam dunya, margi Allah swt. ngawajibkeun shaum ka jalma ± jalma anu ariman sangkan jadi jalma anu takwa .Tangtuna oge lain ngan ukur sabulaneun, dina bulan Romadlon wungkul. Hikmah atawa buah tina ibadah shaum kudu katara tur karasa salila urang hirip keneh di alam dunya, sartaditeruskeun tepi ka alam akherat, sahingga dimana urang paamprok jeung allah swt.dina kaayaanAllah ridho ka urang tur urang oge ridho ka Allah swt. Para µaidin rawuh a¶idat rohimakumullohnyakitu deui, buah tina ibadah shaum lain ukur keur sasoranganeun wungkul, tapi kudu mibandaajen sosial, nu karasa ni¶mat sarta mangfa¶atna lain ku urang wungkul tapi oge ku balarea, nu jadi anggota masyarakat . Mun keur saurang pamingpin, mangfa¶at sarta hikmah shaum bisakatinggali sarta karasa ku anak buahna, nu mangrupa jeujeuhan nu mawa kana kasalametan sartakasejahteraan nu walatra. Mun keu anak buah, atawa rahayat, kudu katinngali tina kata¶atan sartakapatuhan anu satia kanu jadi pamingpin.Keur nu beunghar nu dititipan harta nu loba bakalkatara tur karasa berehannana kanu butuh. Keur nu loba pangabutuh atawa nu kokoro, bakalkatara sikep hormatna tur babantuna nu satia kanu beunghar. Keur saurang pedagang bkal leuwihati-ati dina urusan jual meuli. Moal wani deui ngajual ku timbangan anu hampang, meuli kutimbangan anu beurat. Cindekna mah buah tina ibadah shaum, ayana parobahan tina nu gorengkanu alus. Nu disebut bener jeung alusna ibadah, lain ukur ditinggali tina cara jeung tempat sarta
waktuna wungkul, tapi bener jeung alusna ibadah bisa ditingali buahna dina kahirupan sapopoe.Sok sanajan carana merenah numutkeun sunnah, ari hikmah atawa buahna teu karasa ngeunahmangka eta ibadah the can tangtu bisa ditarima ku allah swt. Sakumaha diterangkeun dina hijiriwayat yen aya saurang ibu anu getol solatna, geus puguh anu fardu, dalah anu hukumna sunnahoge estu teu aya nu kaliwat. Para sahabat meunteun ka eta awewe teh tangtu bakal jadi ahlisawarga. Sabab ditingali tina getolna shaolat. Tapi, numutkeun rosululloh saw. Eta awewe tehlain pisurgaeun tapi bakal jadi ahli naraka. Para sahabat kaget, teras naroskeun ka Rosulngeunaan alesanana, Rosul ngawaler,yen eta awewe teh sanajan getol shalat, tapi lobanganyerikeun atawa ngaganggu ka tatanggana. nuduhkeun yen shalat nu rajin dilakonan ku etaawewe, ngan saukur merhatikeun cara, tempat jeung waktuna wungkul. Teu merhatikeun kanahikmah atawa buah tina eta shalat. Nyaeta akhlak anu hade jeung mulya ka tatangga, minangka batur hirup sapopoe.Allohu Akbar«Allohu akbar«Walillahil HamdPara µaidin rawuh µaidat rohimakumulloh!Mudah-mudahan ibadah shaum nu ayeuna, bisa nganteurkeun kana tumuwuhnakasadaran dina diri urang, sahingga buahna teu ngan sakadar ganjarna wungkul nu katarima, tapimibanda kakuatan pikeun ngarobah sikep laku nu teu merenah numutkeun agama, jadi sikep lakunu merenah numutkeun agama, sahingga mawa kana kasalametan dunya sarta akherat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar